Si Otong Manggih Dompet
*Si Otong Manggih Dompet*
Balik sakola, si Otong manggih dompet nu ngagoler di sisi jalan. Eusina duit 100 rebu salambar jeung surat-surat penting ka'asup KTP jeung SIM nu bogana. Najan si Otong ka'asup budak bangor, tapi da ari hatena mah bersih tara cukat-cokot kanu lain hakna. Lain pedah didikan kolotna Udin jeung Icih nu nyebabkeun si Otong alus budi teh, teu lian lantaran kapangaruhan ku didikan.
Saenggeus maca alamat nu aya dina KTP, gidig si Otong indit seja mulangkeun dompet ka alamat nu kabeneran teu jauh di kampungna.
"assalamualaikum" ceuk si Otong saenggeus anjog kanu di tuju.
"walaikumsalam, bade milarian saha jang?" walon saurang bapa-bapa bari mukakeun panto
"punten pa, dupi bumina pa haji Abdul leres didieu??" tanya si Otong asa-asa
"muhun, aya naon kitu??" pokna malik nanya
"abdi bade mulangkeun ieu, tadi mendak di jalan" bari ngasongkeun dompet ka eta bapa-bapa
"aeh pantesan atuh ku bapa diteangan tatadi teu kapanggih, singhoreng ragrag di jalan nyah??" kituna teh bari nampanan eta dompet
"mangga parios bilih aya nu ical pa" ceuk si Otong ngingetan.
"ari barang mah eweh nu leungit jang, duit oge angger 100 rebu. ngan, tadina mah salambar, naha ayeuna jadi 10 lambar 10 rebuan??" tanyana bari kerung
"tadi di jalan ku abdi ditukeuran heula pa, soalna kantos kapungkur oge ngauihkeun dompet pamendak, saur nu gaduhna teh nuhun nya cep, punten teu aya receh' cenah pa"....
"owh kitu,,yeuh atuh keur ujang..nuhun nya?" pokna bari mikeun duit 20 rebu ka si Otong

Harrah's Cherokee Casino & Hotel - MapYRO
ReplyDeleteGet 아산 출장마사지 directions, reviews and 에그 벳 information for Harrah's Cherokee Casino 원주 출장안마 & Hotel in Cherokee, NC. HARRAH'S CHEROKEE 정읍 출장마사지 (NC) - 2.6 miles from Murphy 파주 출장안마 & Murphy